Currently No Video Available
Clean Lyric
Paragraph Lyric
lamun hitut siga sora bangkong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
lamun kerek siga sora bangkong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
ti bau cikur icalan cintrong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
cita cita boga salaki garong
di alun alun panggih jeung si mehong
pangsiunan budak buraong
nu ayeuna jadi tukang bangkong
di modalan ku haji engkong
(urang cibintu tah haji engkong teh bah eon)
beuki deket beuki rakeut
siga keretas di rapet
henteu lila ti harita
urusan eujeung KUA
rumah tangga anyang-anyangan
loba pisan pacengkadan
loba piring tingkalayang
ka tatangga ngagandengan
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
teu bisa tumarima kana kaayaan mehong
anu penghasilan ngan saukur tina bangkong
hayang televisi ngan kabeli gambar toong
laki rabi awet rajet
recet siga anak ancet
rumah tangga paburantak
siga samangka katincak
siga bioskop
rumah tangga bubaran
mojang bedegong ngaranda
si mehong jadi duda
mojang bedegong
beuki maceuh ngelmu bagong
dangdanan siga nu gelo
mejeng hayang meunag jodo!
lalakon hirup manusia
sok tara disangka sangka
jadi inget kana film
nu judulna Pretty Woman
mojang bedegong urang jelekong
aya anu mikanyaah
lalaki benghar jeung kasep
ceunah mah pajabat basah
nya nepi ka rumah tangga
make jeung awet sagala
tara kadenge pasea
romantis luar biasa
nujun atuh ari geus senang mah
nyai!
ulah bedegong deui we nya!
kuring mindeng pisan panggih
manehna jeung salakina
make mobil herang mewah
bari renceum ku berlian
sifat jelema jalanan
tara poho ku babaturan
malahan ku kuring pernah
maksa milu makan malam
keur dahar kuring tumaros
bari rada ngaharewos
"nyai, sanes kapungkur mah cita-cita
teh palay kagungan caroge ka garong
naha teu janten, robih pamadegan?"
ari tembalna teh
"ah henteu kang doel, justru abdi teh
ngemut
upami abdi nyiar caroge garong
tangtosna rada sesah
margi tangtosna age moal aya garong
anu wantun ngangken garong
atuh kaleresan abdi pendak sareng
pamegat kasep bari jabatanana basah
binga kabina bina abdi teh
da geuning carage abdi anu pajabat
basah teh
sagala rupina langkung ti garong!"
kuring teu bisa nyarita
da ceuk pikir kuring age memang
heuheuh!
duka atuh ah poek
urang duakeun we ku urang
mojang bedegong sing geura eling
lamun hitut siga sora bangkong  mojang bedegong nu ngaku urang jelekong  lamun kerek siga sora bangkong  mojang bedegong nu ngaku urang jelekong  ti bau cikur icalan cintrong  mojang bedegong nu ngaku urang jelekong  cita cita boga salaki garong  di alun alun panggih jeung si mehong  pangsiunan budak buraong  nu ayeuna jadi tukang bangkong  di modalan ku haji engkong  (urang cibintu tah haji engkong teh bah eon)  beuki deket beuki rakeut  siga keretas di rapet  henteu lila ti harita  urusan eujeung KUA  rumah tangga anyang-anyangan  loba pisan pacengkadan  loba piring tingkalayang  ka tatangga ngagandengan  mojang bedegong nu ngaku urang jelekong  teu bisa tumarima kana kaayaan mehong  anu penghasilan ngan saukur tina bangkong  hayang televisi ngan kabeli gambar toong  laki rabi awet rajet  recet siga anak ancet  rumah tangga paburantak  siga samangka katincak  siga bioskop  rumah tangga bubaran  mojang bedegong ngaranda  si mehong jadi duda  mojang bedegong  beuki maceuh ngelmu bagong  dangdanan siga nu gelo  mejeng hayang meunag jodo!  lalakon hirup manusia  sok tara disangka sangka  jadi inget kana film  nu judulna Pretty Woman  mojang bedegong urang jelekong  aya anu mikanyaah  lalaki benghar jeung kasep  ceunah mah pajabat basah  nya nepi ka rumah tangga  make jeung awet sagala  tara kadenge pasea  romantis luar biasa  nujun atuh ari geus senang mah  nyai!  ulah bedegong deui we nya!  kuring mindeng pisan panggih  manehna jeung salakina  make mobil herang mewah  bari renceum ku berlian  sifat jelema jalanan  tara poho ku babaturan  malahan ku kuring pernah  maksa milu makan malam  keur dahar kuring tumaros  bari rada ngaharewos  "nyai, sanes kapungkur mah cita-cita  teh palay kagungan caroge ka garong  naha teu janten, robih pamadegan?"  ari tembalna teh  "ah henteu kang doel, justru abdi teh  ngemut  upami abdi nyiar caroge garong  tangtosna rada sesah  margi tangtosna age moal aya garong  anu wantun ngangken garong  atuh kaleresan abdi pendak sareng  pamegat kasep bari jabatanana basah  binga kabina bina abdi teh  da geuning carage abdi anu pajabat  basah teh  sagala rupina langkung ti garong!"  kuring teu bisa nyarita  da ceuk pikir kuring age memang  heuheuh!  duka atuh ah poek  urang duakeun we ku urang  mojang bedegong sing geura eling
 
RELATED SONGS
RELATED ARTICLES